Thursday, September 24, 2020

ᮜᮨᮙ᮪ᮘᮥᮛ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ

 LEMBUR KURING ~.....( ᮜᮨᮙ᮪ᮘᮥᮛ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ ).....


ditilik dirasa - rasa

lembur kuring Kacida ku éndah

upluk aplak pamandangan sisi sawah

matak betah tumaninah kana manah


haleuang ti belah kulon

sora suling budak angon

suka bungah sempal guyon

Ngahaleuang sisi balong


Lemah cai lembur kuring

Hawa peuting sepi jempling

cahya béntang pasalingsing

Simpé haté ngadalingding

hmmm.. Meni asa ku waas...

Ngajerit ati acan tiasa mulih ka lemah cai 

0 comments :

Post a Comment