Friday, November 20, 2020

Ulah Poho Balik

Manuk balik ka gowokna, kebo mulih pakandangan, kalapa bijil ti sungap balik deui nincak taneuh, manuk ngapung ngawangt-ngawang, cicing meuting di kubangan, ajal lain ajang nu lian, manusa bakal balik ka pangéran.

Cindekna maot datang ngadodoho, pati ngintip ka nini-nini, ngingintil ka aki-aki, umur pugur jiga jang batur, napas dialas siga jang nu lian, kabéh aya dina giliran, guntas-gentos na antrian, teu paduli jagjag waringkas, seseg weweg masing panceg, suku jejeg tacan jarugjag-jarigjeug.

Tukang suluh tukang salah, nu soléh gé tetep bakal paéh, ngaléhléh mamawa boéh.

Rék pangkat rék rahayat, rék tukang toat tawa tukang masiat, kabéh bakal wafat, ngaliwat kana sakarat.

Teu nu pinter, teu nu singer, jalma angger dina bener, sok sanajan jéger tukang jejegler tetep kabeh bakal ngajehjer.

Teu nini-nini teu aki-aki, rék pamuda atawa pamudi, tukang péci atawa tukang korupsi, kabéh kalindih, panggih jeung pati.....

ulah poho ka lembur anu abadi..rasa ning rasa..

0 comments :

Post a Comment