Tuesday, May 25, 2021

SUNDANESE QUOTES

 Isin ku pangarti,éra ku pangaboga

kieu ayana,,moal di aya aya

leutik puguh,,gedé teu kadongkang

ngeureuyeuh wé nikreuh..


Rumasa saeutik ngarti kana agama

matak sadar jauh ti na sugema

pait peuheurna tumarima

niat usaha jeung diajar kasasama


Boga kahayang,aya niatan can laksana

sugan wé aya rijki pinanggih milik

tepung jeung rejeki


ihtiar heula ah,

bisi teu boga sangu keur engké soré

rumasa jalmi biasa

sapopoé koréh koréh cok gé mirasa

sakieu gé disyukuran

pamasihan ti nu Mah Kawasa


wilujeung wayah kieu...sanaos tiris begini...teuteup semangat lur..

0 comments :

Post a Comment