Monday, August 10, 2015

Nagara

nagara karta agama
nagara ragana naraga
nagara amarta ngan aya

ayana nagara sabab aya raga
kawasa nagara kawasana raga
rasana nagara rasana raga
lampah dharmapala, rasa raga nagara

tata ragana
tata nagarana
tata bhwanana
ngadharma kasadayana
mawa rasa kasasama saalam raya

sabar kana lampahna
sadar kana rasana
mapat ajaranana
cahaya jang sasamana

bral geura miang
tandang makalangan
nanjeurkeun kabeneran
ngawangikeun bumi pasundan

panceg dina galur
salawasna akur jeung dulur
babarengan ngajaga lembur
moal ingkah najan awak lebur

sok geura hudang
tandang makalangan
sanghareupan musuh
najan palastra nepi kabinasa

sakabeh nu gumelar didunya
bakal panggih jeung ajalna
ngan nu mangpaat pikeun sasama
anu bakal abadi

ngarana ditulis
dina prasasti kahirupan
laku lampahna
turutkeun pikeun anak incu

0 comments :

Post a Comment